Wednesday, January 19, 2011

Hari Kamerdekaan RI

By :Taufiqullah Neutron (Masteropik)

Assalamualaikum wr wb
            Langkung ti payun, mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Alloh SWT anu maha ghofur. Anu mana ku dzat sareng irodatna urang sadayana tiasa kempel di tempat ieu dina kaayaan sehat walafiat dina raraga memperingati hari kamerdekaan RI.
            Teu hilap shalawat sinareng salam mugia salamina sing kacurah limpahkeun ka jungjunan urang sadayana yakni Nabi Muhammad saw, oge ka para kulawargina, para sohabatna, para tabi’in tug dugi ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir zaman.

Hadirin anu ku sim kuring dipihiormat
            Ayeuna urang salaku bangsa Indonesia nuju memperingati hari anu bersejarah, nyaeta kamerdekaan RI ping 17 Agustus. Tepat dina dinten eta urang bangsa Indonesia atos dikaruniaan ku rahmat anu ageung pisan nyaeta ngarebut kamerdekaan ti tangan panjajah.
            Ayeuna urang hirup di alam kamerdekaan anu teu leupas tina hasil perjuangan jeung pangorbana para pahlawan anu parantos gugur. Kukituna urang nasib urang aya di diri urang sorangan. Kumargi sakitu urang kedah tiasa ngajaga ieu kamerdekaan ku amaliyah nu nyata demi cita-cita bangsa.
Allah ngafirmankeun dina surah Ar Ra;du ayat 11
Artina : sasungguhna Allah moal ngarubah kaayaan hiji kaum saacan maranehna ngarobah kaayaan anu aya dina dirina sorangan.

            Mangga urang sami-sami khususna ka para pelajar jeung generasi muda supados tetep giat nuntut elmu dugi ka meunang pangetahuan pikeun modal pembangunan. Urang kudu sadar yen di pundak urang aya beban anu berat dina neruskeun cita-cita kamerdekaan.
Kumargi moal aya artina kamerdekaan teh mun teu di barengan ku paripolah urang anu bisa ningkatkeun harkat jeung martabat bansa sangkan moa sia-sia pajuangan para pahlawan.
Rupina mung sakitu anu tiasa ku sim kuring kapihatur, hapunteun bilih aya kakirangan sareng kalepatan.

Wabillahi taufiq walhidayah, wassalamualaikum wr wb




back to top