Assalamualaikum wr wb
            Langkung  ti payun, mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka  hadirat Alloh SWT anu maha ghofur. Anu mana ku dzat sareng irodatna  urang sadayana tiasa kempel di tempat ieu dina kaayaan sehat walafiat  dina raraga memperingati hari kamerdekaan RI.
            Teu  hilap shalawat sinareng salam mugia salamina sing kacurah limpahkeun ka  jungjunan urang sadayana yakni Nabi Muhammad saw, oge ka para  kulawargina, para sohabatna, para tabi’in tug dugi ka urang sadaya  salaku umatna dugi ka akhir zaman.
Hadirin anu ku sim kuring dipihiormat
            Ayeuna  urang salaku bangsa Indonesia nuju memperingati hari anu bersejarah,  nyaeta kamerdekaan RI ping 17 Agustus. Tepat dina dinten eta urang  bangsa Indonesia atos dikaruniaan ku rahmat anu ageung pisan nyaeta  ngarebut kamerdekaan ti tangan panjajah.
            Ayeuna  urang hirup di alam kamerdekaan anu teu leupas tina hasil perjuangan  jeung pangorbana para pahlawan anu parantos gugur. Kukituna urang nasib  urang aya di diri urang sorangan. Kumargi sakitu urang kedah tiasa  ngajaga ieu kamerdekaan ku amaliyah nu nyata demi cita-cita bangsa.
Allah ngafirmankeun dina surah Ar Ra;du ayat 11
Artina : sasungguhna Allah moal ngarubah kaayaan hiji kaum saacan maranehna ngarobah kaayaan anu aya dina dirina sorangan.
            Mangga  urang sami-sami khususna ka para pelajar jeung generasi muda supados  tetep giat nuntut elmu dugi ka meunang pangetahuan pikeun modal  pembangunan. Urang kudu sadar yen di pundak urang aya beban anu berat  dina neruskeun cita-cita kamerdekaan. 
Kumargi  moal aya artina kamerdekaan teh mun teu di barengan ku paripolah urang  anu bisa ningkatkeun harkat jeung martabat bansa sangkan moa sia-sia  pajuangan para pahlawan.
Rupina mung sakitu anu tiasa ku sim kuring kapihatur, hapunteun bilih aya kakirangan sareng kalepatan. 
Wabillahi taufiq walhidayah, wassalamualaikum wr wb 
 
